Jumat, 24 Februari 2012

resensi novel sunda "Silamsijan Kaedanan" (Firda Pratisa I)

SI LAMSIJAN KAEDANAN KI UMBARA

SI Lamsijan Kaedanan mangrupa judul buku novel karya Sandiamana H Wiredja Ranusulakna (Ki Umbara ). Ieu novel teh diterbitkeun ku PT Kiblat Buku Utama, dina taun 2003. Kandelna aya 86 kaca. Ukuran bukuna 12 x 17 cm.

Dina novel ieu Ki Umbara ngagunakeun basa sunda loma. Carita ieu teh kaasup carita Komedi salian ti eta oge mibanda ajen da’wah. Kaunikan tina novel ieu nyaeta Ki Umbara nyantumkeun pupuh dina unggal bab na kayaning Pangkur, Sinom, Asmarandana, Mijil, Durma, jeung Balakbak.

Dicaritakeun yen Si Lamsijan anu pengangguran bogoh ka Si Amoy nepika Kaedanan. Manehna hayang ngawin Si Amoy ngan indungna si Lamsijan teu merean doa lantaran si Lamsijan teu miboga pagawean. Saking bogohna ka Si Amoy, Si Lamsijan indit ka dukun pikeun menta pelet jang Si Amoy, manehna ngaku ngaku yen basa bapana maot bapana teh ngomong si dukun teh dulurna keneh, padahal etamah ngan trik si Lamsijan ngarah manehna meunang pelet gratis. Basa eta pelet diawurkeun di lawang panto imah si Amoy , nu beunang teh lainna si Amoy tapi si Cipleu. Sanajan ti eta Si Lamsijan langsung inisiatip rek nyieun si Cipleu jadi geuleuh ka manehna, lantaran manehna oge geuleuh ka si Ciple. Ari pekteh, basa diawurkeun deui penawar peletna kalahkah beunang ka si Amoy, atuh Si Amoy jadi geuleuh ka si Lamsijan sedengkeun si Cipleu ngudag ngudag manehna.

Ngarasa cara eta salah Si Lamsijan indit ka imah kiai. Tidinya manehna jadi daek sholat. Mama Yai pernah ngomong yen si Amoy teh bakalan diuk dina lahunan si lamsijan. Teu lila tidinya , para pamuda kampung eta teh ngaduruk imah si Amoy lantaran si Amoy teh turunan china anu jadi mata-mata walanda pikeun ngajajah RI. Si Lamsijan nyelametkeun si Amoy jeung si Cipleu. Si Amoy ceurik hayang selamet ti para warga anu neangan manehna. Ahirna SI Lamsijan nawaran kawin ka si Amoy. Basa si Lamsijan ngahayal keur kawin jeung si Amoy, si cipleu ngomong yen si Amoy euweuh, Ema nuluykeun ngomong yen si Amoy teh dibawa ku rakyat walanda.

Ahirna Si Lamsijan kawinna jeung si Cipleu lantaran Ema hayang miboga minantu si Cipleu nu geus tangtu nyaah a si Lamsijan. Saprak si Lamsijan jeung si Cipleu kawin maranehna ngamimitian dagang make modal pas pasan. Tapi ayeuna maranehna leuwih beunghar tina toko na Babah A tien bapana si Amoy.

Ki Umbara nyieun ieu novel teh kacida ramena. Novel ieu ngandung atikan moral yen sagala nu ku urang pikahayang can tangtu bisa ngabahageakeun urang kahareupna. Jadi urang tong nurutan kalakuan si Lamsijan anu musrik neang-neang cara jang napsu manehna pribadi ka salian ti Alloh.

Firda Pratisa Istiqomah

XI IPA 6

1 komentar:

alvcad mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh administrator blog.

Posting Komentar

Entri Populer