Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Galuring Gending [ Nidea Widi Prasetya ]


Judul                            : Galuring Gending
Pangarang                    : Tatang Sumarsono
Diterbitkeun ku             : CV PUTRA SETIA
Citakan                        : 2011
Jumlah Kaca                : 383 Kaca
Kaasup                        : Novel

     Sarah anu kahirupanana kagantung ku seni boh jaipongan,ronggeng atawa nu patali jeung kasenian daerah. Mimiti Sarah bisa jadi jalma anu tangtu sukses Sarah di ajak ku salah saurang nyaeta Um Sar lalaki anu geus boga pamajikan jeung anak tepikeun Sarah di bawa pagelaran ka nagara deungeun tapi dina hinji poe Sarah kudu ngaikhlaskeun kaparawanana keur Um Sar dina kaayaan teu sadar,kaduhung sagede gunung anu di rasakeun ku Sarah naon anu geus di pikalampah jeung Um Sar.  Dina hiji poe Sarah di timu ku pamuda nu ngarana Panji anu can di kenal ku Sarah ,Sarah di timukeun ku Panji di hareupeun diskotik keur kaayaan mabok tuluy Panji ngabawa Sarah ka kontrakanana da karunyaeun tea.
          Saprak kajadian eta Sarah panasaran ka sosok Panji teh tuluy Sarah nyoba ulin kaimahna ari heugteun  Panji keur aya di rumah sakit keur nungguan ibuna nu keur geuring. Saeunggeus ibuna Panji kenal jeung Sarah ibuna Panji hayang papanggih jeung Sarah anu jadi pamenta terakhir ibuna Panji saacan mulang ka rahmatullah jeung ngareup yen Sarah bisa jadi kapamilik ku Panji.
         Dina poe harita Panji di buih kusabab di tewak sangeunahna ku aparat  jiga dina jaman rezim soekarno basa keur mahasisiwa ngayakeun demo,teu eureun-eureuna Sarah ngalongok Panji basa Panji keur  di buih.
Salila dua taunan Sarah jeung Panji babarengan tanpa aya iketan anu pasti, dina hiji poe Panji ngajak ka Sarah pikeun ngayakeun hubungan lanjutan layakna salaki jeung pamajikan tapi Sarah teu weleh mere jawaban anu pasti anu matak Panji nyimpeun hareupan ka Sarah.
        Tapi hanjakalna dina carita ieu teu puguh ahirna da Panji teh ngaleungit teuing kamana.

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer