Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Sunda Buron [Devi Imulia Dian Primaskun]

Jejer Buku                   : Buron
Pangarang                   : Aam Amilia
Pamedal                      : Pustaka Amaldi
Taun medal                 : Citakan kahiji, Juli 1983
                                      Citakan kadua, Juli 2006
                                      Citakan katilu, Maret 2009
Kandel Buku                : 159 kaca


Novel Buron téh nyaritakeun ngeunaan kahirupan rumah tangga Andika jeung Umi Sumirah anu geus tilu taun lilana.
Andika téh pangalana ukur tina nulis jeung sakapeung sok buburuh narjamahkeun artikel atawa nyusun skripsi mahasiswa-mahasiswa. Manéhna deudeuh pisan ka Umi. Naon waé dilakonan demi ngabungahkeun Umi. Sanajan kitu, Manéhna sok ngarasa dosa lamun mangnyieunkeun skripsi batur lantaran ngarasa geus ngabobodo nagara ku beuki lobana sarjana-sarjana nu make skripsi lain jieunan sorangan. Nepika di hiji poé, naskah Manéhna di tolak ku rédaksi. Padahal Manéhna haying pisan ngabungahkeun Umi ku nyumponan angen-angen nu dipikahareup ku Umi. Minuhan imah ku parabot anu di beuli ku Manéhna sorangan.
Tapi teu lila ti éta Andika ditawaran mémérés susunan kalimah acak-acakan dina buku palajaran keur barudak SD ku Partuji. Pagawéan anu teu sabaraha bari gajih gedé. Singhoréng éta tempat gawé Manéhna téh mangrupakeun sindikat narkotika. Buku nu dijualna mah ukur sapeuti, séjénna mah lain buku. Lantaran ku kitu, manéhna jeung Umi pindah ka kampong. Manéhna ngarasa geus jadi buron.
Di kampong téh Umi ngarasa teu betaheun. Tuluy Andika nitah Umi pikeun ngasupkeun naskah nu make ngaran Umi ka panerbit di kota. Sanggeus kitu, ngaran Umi Sumirah téh jadi kasohor sangkan pangarang wanoja di éta kota. Di kota éta, Umi kapanggih jeung pangarang bageur nu ngaranna Asmara. Tuluy Asmara téh resepeun ka Umi. Ngan hanjakal Umi téh keukeuh embung lantaran geus boga salaki di kampong.
Dina hiji poé, gunung di kampong Umi téh bitu. Andika salaku salakina téh ngaleungit. Umi anu meunang karangan ti Andika geus teu biasa nanaon. Manéhna kabur ka salah sahiji kampong lantaran sieun ku wartawan nu tatanya ngeunaan kahirupan Manéhna.
Di kampong éta téh Umi nyumput ti serbuan wartawan. Saking ku sieunna ka wartawan, Manéhna di anggeup jelema gélo. Tapi untungna aya dokter bageur anu nulungan jeung ngadatangkeun Asmara nu mérv nyaho kaayaan Andika. Sanggeus kitu nganterkeun Umi kapanggih jeung Andika.
Carita ieu saliwat kagambar ku urang lantaran basana nu gampang ka harti ku urang nu maca. Caritana ogé ngandung atikan-atikan nu bisa dijadikeun pedoman hirup ku nu maca. Mung dina buku ieu ogé aya kakirangan sapertos pungkas caritana anu rada ngagantung. Tapi disagigireun éta, ieu carita téh alus.

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer