Kamis, 23 Februari 2012

resensi"Jatining Sobat" {Lulu Latifah 019}


Judul : Jatining Sobat
Pangarang : Samsoedi
Kandel buku : 92 kaca
Penerbit : Kiblat buku utama
Tahun terbit : citakan ka II Juni 2002

Jatining sobat ngalalakonkeun pangalaman Minta, anu hirupna balangsak sanggeus papisah jeung dicaritakeun bapana pupus di Leles sangkan rek kadukun gara-gara si Minta gering. Ari indungna aya di Bandung lunta lantu teu puguh. Kapaksa menehna kudu cicing di imah Emangna, tapi teu betaheun, lantaran Emangna teh gegedug bangsat. Akhirna si Minta minggat ti imah Emangna.
Teu lila minggat ti imah Emangna, si Minta jonghok jeung sobatna nu ngaranna Si Acim. Si Acim ge hirupna balangsak, ngan manehna mah geus boga karep ikhtiar sorangan kana dagang. Minta ge nurutan, diajar dagang di Tegalega.
Di hiji poe Minta jeung Si Acim menang lotre saratus rupia, nya atuh maranehna teh bungah, sorena Minta jeung Acim indit ka Pasar Baru rek meuli baju. Sanggeus meuli eta baju, Minta jeung Acim kaluar ti toko rek balik, dijalan si Minta jug gok jeung hiji awewe nu mentas diiringkeun ku salakina ti tukang. Apek teh eta awewe teh indungna jeung lalaki eta teh bapana. Si Minta tadateuing bungahna pasanggrok jeung indung bapana nu dicaritakeun pupus di Leles.
Si minta dibawa balik ku indung bapana. Duit menang lotre tea dibagi dua jeung Acim, duit bagian Si Acim dipake ku manehna kanggo neruskeun dagang barang kolontong di pasar kauntungana dagang Si Acim dibikeun ka Si Minta rek disina sakolakeun. Ari nu Si Minta diberekeun ka bapana, ku bapana dipake keur nebus lio sawarehna deui dipake ngamodal ngenteng.

Kaleuwihanna : pangarang bisa ngabedakeun kaayaan Bandung jaman ayeuna jeung kapungkur,
Kakuranganna : bahasana teu tiasa dipikahartos ku seeur jalmi

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer