Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Panganten [ Rifqi Silmiawan ]

Judul           : Panganten
Pengarang    : Deden Abdul Aziz
Penerbit       : PT Kiblat Buku Utama
Taun Terbit  : 2003
Kaca            : 107 Kaca

          Panganten teh nyaeta mangrupa novel anu ngadongengkeun krisis jiwa anu dialaman ku kaum rumaja, nu sok timbul rupa-rupa karudetan dina batin anu sok ngajurungkeun kana timbulna tingkah paripolah mahiwal
          Dina ieu novel  urang tepung jeung Rinrin minagka tokoh utamana, terus dei aya Gumilang alias Iyang, Ben jeung Suminar alias Lisa Kudrow alias Lisa Sumitra nu ngalakon dina Panganten teh masih keneh sarakola, keur meumejeuhna rumaja. Dina Ringkesan carita Rinrin minangka tokoh utamana, kabogohna anu ngarana Iyang alias Gumilang, maot nelasan maneh sanggeus nyebitkeun hayang kawin teing ka saha. Lengiteun ku Iyang, terus deukeut jeng Ben, baturanna Iyang keneh tapi teu pati lila. Terus deukeut jeung Suminar alias Lisa Kudrow alias Lisa Sumitra anu pada-pada resep ngalangeu bari nyingkur, sok ngaroko jeung nyugup arak. Deket pisan, malah terus jadi lesbian. Tapi Suminar alias Lisa Kudrow alias Lisa Sumitra ge maot deih saenggeus nyebutkeun hayang kawin. Ari maotna the ku lantaran aborsi, da keur kakandungan teing ku kusaha. Dina pamuntanganna Rinrin ge hayang kawin teing kasaha duka kunaon. Nu sidik sanggeus Rinrin nelasan maneh tepi ka hanteuna, manehna ngarasa geus laksana papangantenan.
          
         Dina novel Panganten teh mawa basa nu rada beda tinu nu lain. Sok sanajan pangaran lulusan sakola guru, nu ngarang hanteu make basa lulugu. Basana lain basa standar anu dijieun cecepengan ku kabehan. Basa nu di gunakeunana make basa sapopoe. Basa nu leuwih duekeut kana golongan sosoial. Tegesna , basa kaum rumaja kota ayena. Anu tiasa narik ati pembaca anu di kalangan kaum rumaja ayena. Komo dei dina ieu novel di selipkeun kajadian krisis jiwa anu dia alaman kaum rumaja nu utamana mah tina hal percintaan

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer