Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Si Kabayan Jadi Dukun [ Sella Aprilia Irawan ]

Judul               : Si Kabayan Jadi Dukun
Pangarang       : Moh. Ambri
Panerbit          : Kiblat Buku Utama
Kaping  terbit  : Citakan V, 2005
Ukuran buku    : 14,5 x 21 cm
Jumlah kaca    : 72
Kategori          : Novel

         Si Kabayan, kasohor jelema anu mahiwal jeung jelema anu boga sipat males, bias jadi dukun anu nulungan batur anu keur kasusahan. Di mimitian dina kahirupan Si Kabayan jeung Saikem pamajikanna anu osok cekcok kusabab si kabayan tara haying digawe, nepikeun hiji kajadian Si Kabayan nampiling Saikem dua kali nepikeun ceurik.

     Dina hiji poe, Si Kabayan keheul ka pamajikanna, tuluy anjeunna bobodoan kasurupan. Tapi, Saikem nyaho yen Si Kabayan nganbobodoan, akhirna Anjeunna males Si Kabayan kucara ngomong ka Semah anu kabeneran keur neangan dukun matih keur ngubaran anak Haji di Dayeuh.
    
   Saikem ngomong ka Semah “ Jelema mahiwal, adatna geus teu sarua jeung urang, pohoan, kawantu umurna geus ratusan taun, ti sainget kuring geus kitu patutna, awet jaya, disebutna kudu Embah, tapi sok nampik, ngakukeun maneh Kabayan, padahal ari ngaranna nu enyamah Pakepoh. Tah lamun disebut ngaranna nu enya sok ambek-ambekan, asa kateguh keur nyamur.“ Saikem ngomong deui yen eta Embah lamun teu ngaku keneh tampiling we, ke oge ngaku sorangan.
    
    Jalan carita satuluyna rada hese katebak, anu matak nu maca haying tuluy maca ieu carita. Cara nulis pangarang oge make galur anu merele, jelas turbasa nu dipakena alus jeung merenah keur dibacana sanajan aya loba kecap anu asing, tapi henteu mangaruhan jalan carita ieu novel. Eusi novel ieu oge nembong keun paripolah urang sunda anu resep nulungan batur anu keur kasusahan, jeung karamahan urang sunda ka semah.
        
    Tatapi dina ieu novel, henteu dicaritakeun kumaha carana Ujang Agus bisa nyaho ka Si Kabayan, salain ti eta dina novel ieu oge teu dicaritakeun kumaha kaayaan Si Kabayan saenggeus teu jadi dukun deui.
    
    Amanat anu bias kuurang cokot dina ieu novel nyaeta, lamun urang ngalakukeun hiji hal kudu dipikirkeun heula, bisi hal anu ku urang lakukeun nyebabkeun batur nyeri hate. Tuluy lamun urang niat nulungan batur, make hate anu ikhlas pastina oge bakal meunang babales ti Gusti Alloh.

       Novel karangan Moh.Amri ieu kudu kuurang baca, sabab salain ieu novel pikaseurieun, tapi tetep miboga amanat anu mangpaat keur urang. 

1 komentar:

Unknown mengatakan...

AMANAT?

Posting Komentar

Entri Populer