Kamis, 23 Februari 2012

RESENSI BENTANG PASANTREN [Indah]


Judul                           : Bentang Pasantren
Penulis                         :Usep Romli H.M
Penerbit                       :Kiblat
Tanggal terbit              :Maret-2006
Jumlah halaman           :70 halaman
Kategori                      :Novel

            Imas Patonah (Enden) putra pangersa anu bisaan maca qur’an gadis pasantren anu loba dipikareseup ku santri lalaki. Santri lalaki nu reuseup ka Imas nyaeta Kang Aep.
            Awal mulana, Kang Aep keur jalan jeung Padli (babaturanna) ka walungan. Sakolebat, Kang Aep ningali wajah Imas nu kacida geulisna. Aep langsung ceuleugeuk ningalina.
            Kahirupan dipasantren nu loba babaturannana ngahalangan keur para santri boh lalaki santri nu rek ngadeukeutan santri istri, boh santri istri nu rek ngadeukeutan lalaki. Ngalakukeun hiji kasalahan nu nganukur kasalahan nu biasa, dihukumna jadi luar biasa. Pernah basa eta Kang Aep papendak sareung Imas. Singkat carita Imas tisoledat ngagubrak sebab jalanna leueur. Kang Aep rek mantuan tapi Imas ngebeureuteuk lumpat. Sendalna tinggaleun hiji . Isukna dipasantren loba nu ngomongkeun Kang Aep. Pas kitu, Kang Aep dipanggil ku Mama / Ajeungan, pedah aya beja tisantri sejen. Kang Aep cenah mawa sendalna Imas. Harita keneh Kang Aep digundulanngan sabeulah. Kang Aep rumasa era ka Imas . Kang Aep nekat keun hate rek malikeun eta sandal jeung siPadli. Tapi, pas nepi imahna diberekeun kaPadli eta sandal the da Kang Aepna eraeun ku Imas.
            Jalan carita nu sejenna hese ditengetan, loba istilah jeung basa arab. Tapi memang ngagambarkeun anu lewih merele tentang pasantren.
            Khanyakalna, ieu carita teh asa buru-buru teuing jeung asa loba teuing istilah-istilah. Carita Kang Aep jeung Imas nu jadi deukeut pas keur jaralan rek kalembur Nyi Mamah.
            Akhir caritana ngagambarkeun hiji kataantan kaagama katingali tina kata-katana nyaeta “ upami tos disahkeun kuhukum” nu hartina “upami tos muhrim”.
            Baca buku ieu memang jadi panasaran pisan jadi kudu tuntas keur bacana. Harapanna mudah-mudahan novel nudikarang ku Usep Romli H.M bisa lewih rame. 

4 komentar:

Unknown mengatakan...

mang amanat na naon?

Anonim mengatakan...

Te Kedah bobogohan:v

Unknown mengatakan...

Unsur intrinsik na naon mang?

Lilisfitria mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

Posting Komentar

Entri Populer