Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Sunda Paturay Tineung [Yulistiani Dewi Indriasari]


Judul buku   : Paturay Tineung
Pangarang    : Muh. Sapari sareng Diah Ansori
Panerbit        : Nurani
Taun terbit    : 1967
Kandel buku  : 60 kaca

           
     
       Rusmadi sareng emana linggih di Bandung. Ai bapana mah, tos tujuh welas taun lebeng taya kabarna, ti keur Rusmadi umurna opat taun. Cenah mah bapana teh dibui lantaran nandasa Juragan Satya. Kitu oge lanceukna, ngiles tara raratanana, bareng jeung maotna Juragan Satya--dina peuting eta keneh.
            
          Hiji poe, Rusmadi meunang surat ti Rosdinar anu aya di Majalaya. Ngakuna mah, anjeunna teh urut babaturan Achmad, lanceukna Rusmadi. Sabab panasaran, Rusmadi indit ka Majalaya. Di Majalaya, salian ti nepungan Rosdinar tea, Rusmadi papendak sareng Jun-Jun sareng Nining. Kadituna, Jun-Jun sareng Nining boga rarasaan ka Rusmadi. Saha nu dipilih ku Rusmadi? Tiasakah Rusmadi papendak deui sareng lanceuk atawa bapana?
           
          Novel ieu masih ngagunakeun ejaan heubel anu rada hese dipikaharti di jaman ayeuna. Sanajan kitu, kusabab panulis ngagunakeun basa sapopoe, ejaan eta teu jadi panghalang. Galur carita anu pikaresepeun sarta ahir anu teu katebak jadi kaunggulan tina novel ieu.

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer