Jumat, 24 Februari 2012

resensi novel sunda "Babalik Pikir" (Mita Maylani)

Résénsi Babalik Pikir

Judul : Babalik Pikir

Pangarang : Samsoedi

Penerbit : Giri Mukti

Tanggal terbit : Medal taun 1931

Jumlah kaca : 72 kaca

Kategori : Novél

Eméd nyaéta budak anu bangkarwarah nepi ka diasupkeun kana bui. Tapi, ahirna mah jadi tobat, tara deui ngalawan ka kolotna.

Ti mimiti dicaritakeun, si Eméd téh budak nu ngedul, sok ngalawan ka kolotna, mawa karep sorangan jeung teu nurut ka omongan kolotna. Contona, dina carita basa indungna nitah nganteurkeun deungeun sangu pikeun bapana tuang, malah ulin langlayangan nu si Junan nepi ka pegatna. Atuh dicarékan ku kolot si Junan. Kitu baé kalakuanna, ngan ulin udar-ider.

Basa harita bapana balik ti sawah, bapana dipacok oray nepi ka maotna. Tapi, carita didieu Samsoedi ngasupkeun kana kasedihan si Eméd, yén si Eméd boga kénéh rasa prihatin. Si Eméd jadi getol barang gawé. Tapi ngan saukur sakeudeung. Nepi ka indungna pusingeun. Si Eméd dititah indit ku indungna teras manéhna teu dihaja nonjok si Jasim nepi ka mastakana ninggang batu curi seukeut nepi ka baloboran getih, raheutna héjo.

Si Eméd indit ka dayeuh teras disangka jadi bangsat. Diasupkeun wékana bui. Tapi, di ahir carita, caritana sedih tura aya bungahna ogé. Sedihna, sobatna nyaéta si Joko nu sok mangbélakeun basa manéhna di bui, maot. Sabab bus nu ditaekkan basa geus kaluar ti bui asup ka jungkrang. Bungahna, si Eméd bisa balik ka lemburna teras diaku kénéh ku indungna jeung dihampura kasalahanna. Si Eméd geus boga pagawéan nu sarua jeung pangabisana, nyaéta manday. Heunteu deui ngan ulin udar-ider.

Isi novel ieu alus pisan jeung budak anu kalakuanna sarua jeung si Eméd, sabab ahirna bageur teras tobat nu matak judulna babalik pikir. Teras caritana gampang dipikaharti. Tapi basa kekecapanna anu kasar jeung kalakuan nu goréngna lain jeung picontoeun.

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer