Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Sunda Rasiah Geulang Rantay [Alya Yulina-003]

Judul Novel                : Rasiah Geulang Rantay
Pangarang                  : Nanie
Penerbit                      : Girimukti Pasaka
Taun Terbit                 : 1997
Jumlah Kaca              : 162 kaca
Potongan Carita          :





Siti Salamah (Aminah) nyaeta hiji istri anu jalan hirupna teu pati sae. Ti mimiti maneh na teu di doaan ku kolotna kawin jeung Sungkawa (anu ayeuna mah jadi kiai), tuluy manehna maksa kawin nganggo jalan wali hakim kusabab gedena duriat dina hate Siti Salamah jeung Sungkawa.
Nepi ka dina hiji poe Siti Salamah ngantunkeun Sungkawa
ku sabab teu kiat nandangan rupi – rupi kanyeri ti mitoha, ditambah
 Siti Salamah teh nuju kakandungan.
Mang taun – taun paturay, Siti Salamah jeung Sungkawa ngajalankeun hirupna masing – masing bari hate na mah kacida sedih na. Manehna ninggalkeun Sungkawa mekel sapasang geulang rantay nu dipangmeulikeun ku Sungkawa.
Siti Salamah ngalaman rupa – rupa pangalaman dina hirupna salila papisah jeung Sungkawa. Nepi ka dina hiji waktu Siti Salamah ngababarkeun orok. Eta budakna di tunda di Sukabumi kusabab maneh na teu tega budakna hirup dina kasusah. Budakna ditunda di buruan imah merek unina Rd. Sastraatmaja bari disimbutan jeung diselapan serat . Tuluy eta serat dipake ngabungkus hiji geulang rantay, anu hiji deui dibawa ku manehna.
Jalan carita salanjutna teu pati hese ditebak. Tungtungna mah Siti Salamah papendak deui jeung budakna anu ayeuna ngarana Enden Komariah.  Anu dina jalan caritana Siti Salamah jadi babu di imah Enden Komariah. Siti Salamah oge papendak jeung salaki na Sungkawa dina hiji waktu nu sarua pas Siti Salamah nyaho yen Enden Komariah teh budakna. Enden Komariah oge boga carita sorangan dina eusi novel, nyaeta carita cinta na jeung kang Maman jeung konflik anu aya diantara maranehnah.

Kaunggulan jeung Kakurangan:
Kaunggulan novelna nyaeta, carita dina novel sae sareng narik hate. Paguneman dina caritana nganggo undak usuk basa anu pas, kadang oge dina carita osok diselapan ku paribasa – paribasa. Caritana oge ngandung atikan moral dina kahirupan. Novel ieu cocok di aos ku para rumaja.
Ngan kakurangan dina novel na nyaeta jalan caritana gampang katebak. Tuluy anu jadi poko masalahna kirang dijelaskeun , tapi dina caritana malah seueur teuing adegan anu teu pati nyambung sareng judul. Nyaeta, seueur  teuing anu dibahas  ngeunaan kisah cinta Enden Komariah jeung Maman.


0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer