Nama : Winardi Ginanjar

Judul : Kanyaah Kolot
Pangarang : Karna Yudibrata
Kandel Buku : 150 kaca
Penerbit : Rahmat Cijulang
Taun Terbit : Cetakan Kahiji tahun 1985
Novel Kanyaah Kolot nyaritakeun hiji tokoh anu ngarana Oman.
Jang Oman teh nyaeta palajar anu sakola di kota Bandung anu ngagaduhan watek
boros, ngedul, tur bodo.Watek Jang Oman beda pisan ti rai- rai na anu kacida
pararinterna. Carita ieu dimimitian ti jang Oman mios ka rorompokna kusabab
biaya hirup di kota na geus beak.
Sanggeus teupi ka rorompokna, Jang Oman papanggih jeung IbuRamana
Pa Ulis jeung Ma Ulis. Pa Ulis kacida sono ka budakna anu karek datang ti kota.
Pa Ulih nanya aya naon datang ka imah. Keur sono-sonona , Pa ulis kacida soak
na kusabab Jang Oman nyaritakeun yen barang-barang na geus kacida beakna
kusabab di jualan dipake ulin sahari-hari. Ngadenge kitu Ma Ulis kacida ambeuk
na ka Jang Oman. Jang Oman ngan bisa tungkul ngadenge papatahan ti kolotna.
Pa Ulis Nnidah sakulawargana sarolat kusaba percuma
ngmbeukan oge, da eta mah hasutan setan. Dina eta Sholat teh Pa Ulis ngadoa
kanu Maha Kuasa yen anakna dibukakeun hidayah jeung bisa bailk deui kajan nu
bener.
Kaisukan poe na Jang Oman rek indit deui ka Bandung,
nuluykeun diajarna. Kusaba geus rea bolosna. Subuhna Ma Ulis jeung Tita, rai na
Jang Oman, nyieun bungkusan pais, sangu, jeung dengena jang kadaharan Jang Oman
sapopoe.
Kaunggulan Novel :
Dina novel ieu ngagunakeun undak unduk basa nu sae. Caritana narik hate anu
macana. Nagndung atikan moral yen kanyaah kolot mah moal aya batasna. Novel ieu
tiasa dibaca ku sadaya umur, malah khususna mah para rumaja.
0 komentar:
Posting Komentar