Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Sunda ” Sasakala Bojongemas” [ Asep Firman SP ]


Judul            : Sasakala Bojongemas
Pangarang    : Aan Merdeka Permana
Pamedal       : Ujung Galuh
Citakan        : 1, 2009
Kandel         : 48 kaca


      Candi Bojongemas téh, pernahna sisieun Citarum, di wewengkon Désa Bojongemas, Kecamatan Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Bahula mah disebutna Candi Purna Hyang. Baheulana, nyaéta teupikeun ka taun 1950-an masih mangrupa. Ngan ayeuna, ukur gundukan batu. Teu kapiara. Ceunah dina taun-taun harita, dicokotan, diamankeun dibawa ka tempat séjén. Aya anu diteundeun di museum. Aya anu di bawa ka imah pribadi. Sacara resmi acan ka catet kumaha sajarahna. Tapi ari béja anupatatalépa mah aya. Mun mah ayeuna ngajengléng jadi tulisan, nya ladang béja nu dibéjakeun deui.
Sajarah mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang sajarawan daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih bébas nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana ieu nyoba-nyoba ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah masih kénéh turunan salah sahiji karajaan Tarumanegara.
Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap kalawan ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun tina gambaran kaayaan sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu pikaboseneun. Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala Bojongemas.
Sabagé novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya sunda jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar kalawan hadé. Kurangna ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih beristana-sentris kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara. Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana.

0 komentar:

Poskan Komentar

Entri Populer