Kamis, 23 Februari 2012

Buron [ Winda]


Judul                : Buron
Pangarang       : Aam Amilia
Kaca                : 159 kaca
Panerbit          : Pustaka Amaldi
Taun Terbit     : Juli 1983 (kahiji)
                          Juli 2006 (kadua)
                          Maret 2009 (katilu)
            Umi Sumirah anu patuh pisan ka salakina, Andika, nepi ka dititah ngabohong jadi panulis ge manēhna daēk. Andika tēh lain salaki anu tega ka pamajikan, ngan ku kaayaan manēhna nu jadi buron, nu matak manēhna kudu pindah ka padēsaan anu teu pikabetaheun nepi ka euweuh listrik-listrik acan. Nincak hiji poe, Umi Sumirah kudu ka kota pikeun nyokot duit honor ti unggal koran bari nalungti kaayaan Partuji jeung nēnjo imahna nu di kontrakeun.
            Umi anu geus nedunan pamēnta ti Andika salila tilu poē cicing di kota, ahirna rēk balik deui kadēsa. Pas rek ka dēsa, aya bēja yēn gunung di dēsa tēh biru. Atuh lan kacida melangna Umi ka Andika. Antukna mah Umi teh cicing di kota, ngan geuning kalah di udag waē ku wartawan. Tungtungna mah Umi kabur ka kota lain milu cicing di imah batur nu geus teu mangrupa imah deui. Nu penting mah asal bisa dipakē sarē kēnēh kitu ceuk pikirna. Salila cicing di ēta kota, Umi Sumirah kalah meunang ka susah ku disangka manēhna gēlo pedah makē baju nu geus kuleuheu teu di ganti-ganti.
            Hiji waktu Umi dibawa ka imah dokter, hiji-hijina jalma anu nyangka Umi waras kēnēh. Di imah ēta dokter, Umi di titah mandi tuluy makē baju pamajikanana. Geuning ari tos dangdan mah Umi Sumirah tēh kacida geulisna.
            Sanggeus kitu aya jalma anu hayang patepung jeung Umi nyaeta Asmara, lalaki anu sempet nendeun hatē ka Umi. Tapi maksud kadatangan Asmara tēh lain pikeun maksakeun kahayang manēhna ngawin Umi, tapi pikeun nepikeun talatah ti Andika. Andika anu di pikirna ngaleungit teuning kamana, ayeuna aya di hiji patempatan jeung mēnta Umi pikeun nepungan manēhna.

Ø  Kalebihanana : caritanan pikaresepeun teu matak bosen macana
Ø  Kakuranganana: caritanan ngagantung

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer