Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Carios Agan Permas [ Taufik Chandra ]

Resensi Novel
Judul           : Carios Agan Permas
Pangarang   : Joehana
Kaca            : 189 kaca
Penerbit      : Girimukti Pusaka
Taun terbit  : 1996
Tempat       : Jakarta
Cetakan       : cetakan ka 2

          Dina awal carita, novel ieu nyaritakeun kaayaan jalma beunghar jeung jalma miskin. Kacaritakeun bapa Imba nyaeta hiji patani nu kacida miskinna. Bapa Imba boga pamajikan ngarana ambu Imba, jeung boga dua anak ngarana Imas jeung Ena. Hiji poe bapa Imba hayang ngurus sawah, tapi bapa Imba teu bogaeun modal, bari jeung eta sawah teh sawah batur. Ahirna bapa Imba nginjeum duit ka renten ka Haji Serbanna. Dina ieu novel dicaritakeun Haji Serbanna teh jalma nu pangbeungharna di kampungna. Pamajikanna opat, imahna gedong, bolak-balik naek Haji.disebutna weh Haji padahal nu Haji mah ngan ukur Sorbanna. Kacaritakeun bapa Imba nginjeum duit ka Haji Serbanna 20 perak, tapi mulangkeun kudu 30 perak. Puguh da renten. Eta modal dipake ngurus sawah. Asalna sawah teh katingali aslus pisan, tapi teu lila sawahna ku hama. Bapa Imba sedih pisan sieun teu kabayar duit nu meunang nginjem teh. Lamun teu kabayar imah bakal disita ku Haji Serbanna. Tuluy bapa Imba boga akal sawah nu gagal teh dijieun balong tuluy dipelakan lauk. Bapa Imba menta tempo pikeun mayar hutangna ka Haji Serbanna. Tapi Haji Serbanna malah menta nambah hutangna jadi 40 perak. Dina awal carita ieu novel geus ngagambarkeun konflik anu loba pisan. Saenggeus dipelakan lauk, kadenge sora dor-dar gelap hujan ngagebret gede pisan. Atuh cai teh caah. Kitu deui balong nu bapa Imba laukna kabawa caah. Bapa Imba pingsan ningali laukna kabawa caah. Saacan ninggalkeun dunya bapa Imba mere amanat lamun imahna disita ambu Imba sakulawarga titah indit ka Raja Permas, hiji menak anu kacida beunghar jeung bageur. Haji Serbanna datang ka imah bapa Imba rek nagih hutang nu 40 perak. Haji Serbanna ngomong ka ambu Imba hutang keun bae lunas asal Imas jadi pamajikan kuring. Ambu Imba kacida bingung pisan, nu ahirna mah ambu Imba teh satuju bari kapaksa, sabab lamun henteu satuju manehna jeung kulawargana bakal diusir. Haji Serbanna kacida jahatna, jeung licik pisan.
Aya hiji tokoh ngarana otong nyaeta anak buah Haji Serbanna. Otong teu resepeun pisan kana sipatna Haji Serbanna nu siga binatang. Otong nulungan Imas tina kabinatangan Haji Serbanna. Ahirna Imas teh jadi pamajikan Otong.
         
           Saeunggeus kitu loba pisan konplik nu aya dina novel ieu diantarana bae, dina awal carita aya kaayaan kulawarga nu miskin nyanghareupan cocoba nu sakitu beratna, tuluy Haji Serbanna nu kalakuanna siga binatang, Imas nu diculik ku Haji Serbanna, Imas jadi Agan Raja Permas, anak Imas jeung Otong diurus ku urang Belanda tuluy jadi jalma sukses, nepikeun ka dipanggihkeun deui Brani jeung Imas.
Carios Agan Raja Permas maksudna aya amanat nu dicarioskeun dina ieu novel saacan Agan Raja Permasna maot, amanat pikeun anakna.
         
        Nu matak pikaresepen ieu novel teh diantarana bae, basana make basa sapopoe, tokohna ngabogaan sipat jeung karakter nu katingali beda pisan (has) tur unik, caritana aya nu pikaseurieun aya nu pikasediheun. Kakuranganna ngan hiji tiap ganti carita kurang ngarti ku sabab caritaan nu keur dicaritakeun sok di lewat hela.
          
           Kuring maca dina ieu novel loba pisan atiakan moral nu bisa dicokot, diantarana ae, jadi jalma tong pedit, amalkeun nu diajarkeun ku Agama, kudu silih asih, oge asih kanu miskin, kudu hormat kanu jadi Indung, tong kagoda ku harta banda, aya samangat hirup, kudu daek peurih, jrrd.
Novel ieu loba pisan mangpaatna kanu maca, amiin!

5 komentar:

Unknown mengatakan...

Amanat dari cerita tersebut apa kak?

Anonim mengatakan...

Baca dong kntl sampe akhir

Shandy mengatakan...

Bacs

Anonim mengatakan...

Baca ngentod

Anonim mengatakan...

Tokoh dan penokohanya apa

Posting Komentar

Entri Populer