Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Sunda Lembur Singkur [Nurul Khotimah]

Judul                     :Lembur Singkur
Pengarang             : Abdullah Mustappa
Penerbit                : Giri Mukti
Kandel buku         : 60 kaca
Hak cipta              : All Right Reserved
Rarancang judul   : Deddy Dubandi
Taun medal          : - Citakan ka-1 mitra kencana 1979
             - Citakan ka-2 kalawan panganter ti Hawe Setiawan sya’ban 1422/Oktober 2001
Nomor                  : 068/KBU-G/2001
Ringkesan carita:
          Lembur singkur, lalakon kapeurih jeung kasedih, jaman pasisian Tatar Sunda ririwehan alatan mahabuna gorombolan. Kulawarga paburantak, nu jadi bapa indit ka gunung ninggalkeun pamajikan. Tokoh kuring, hiji budak lalaki anu ditinggalkeun ka gunung ku bapana, kudu ngalaman nyaksian indung katut dua lanceukna milu kabarérang, waktu lembur singkur dilemahirengkeun ku gorombolan. Sabab, kitu ceuk anggapan tentara, peristiwa dijoragna éta lembur téh aya patalina jeung bapana téa.
Ieu novel mangrupa huiji carita anu pikasediheun jeung pikahawatireun. Nyaritakeun hiji budak anu ngabogaan 2 lanceuk hirup ngan duaan jeung indungna di imahna di hiji desa anu jauh ku raramean kota. lantaran 2 lanceukna mondok di lebak ngamankeun diri tina gorombolan tapi manehna ngan duaan di imahna lantaran indungna nolak di ajak mondok ka lebak. Ieu budak teu nyaho pisan kana saha nu jadi bapana. Lantaran ti leuleutik kulawargana geus di tinggalkeun ku bapana nu jadi gorombolan DI di leuweung. Dina hiji peuting bapana datang ka imahna bari susulumputan, tapi manehna teu nyahoeun yén nu datang téh bapana, jeung ngan saukur semet renyem-renyem ningali anu datang éta.
          Hiji waktu manehna jeung indungna indit ka sawah. Indungna mawa bekel loba tuluy kusabab indungna nu di sebut ema téh ninggali aya pamariksaan ku gorombolan manehna reuwas jeung para gorombolan curiga ka si ema. Jeung kusabab para tantara nyaho yén suami ema ngilu jadi gorombolan di sangka yén bapa téh jadi mata-mata. Si ema di pariksa jeung di bawa ka markas para  gorombolan. Gorombolan nahan ema neupika peutingna, jeung eta budak ngan bisa nungguan di luar. Teu lila salasahiji lanceukna datang ka markas eta, tuluy mawa balik eta budak. Eta budak téh loba rasa prihatin jeung hawatir ka emana, naha ema lila di markas tantara eta. Isukna ema di pulangkeun ka imah.
          Geus lila tina kajadian éta, gorombolan nyerang ka desa éta. Loba tetmbakan wuwuh rame. Loba jelema nu nyumput dina lombang. Kaayaan des acing paburantak teu tenang. Hiji waktu ema di teangan ku OKD (Organisasi Keamanan Desa), ku sabab di curigai yén suami ema sok datang susulumputan ke imahna. Tuluy ema di bawa ka kantor OKD nepi ka mengpirang-pirang poé. Budakna di pihapekeun ka salasahiji anggota OKD. Geus lila aya di kantor OKD ema di kaluarkeun.
          Sanggeus kajadian eta, sanggeus desa jadi aman aya kabar yén nurutkeun rencana poé éta rek aya sababaraha pasukan ti leuweyng nyaeta nu jadi bapa nu biluk ka gunung bakan tarurun balik ka lemburna kaasup nu jadi bapa. Ema jeung budak téh bungah pisan jeung si budak geus lila hanyang apal kana nu jadi bapa. Tapi geus lila ema neangan nanya kaditu-kadieu, ngan aya hiji kabar yén nu jadi bapa téh tatu tur parna (maot).
          Dina carita eta, boga kaleuwihan nyaeta nyaritakeun carita anu nyayat kana ati jeung ngagambarkeun kaayaan  baheula nu karandapan ku masarakat pilemburan di tatar sunda anu tragis jeung pikawatireun. Méré pelajaran jang barudak ngora anu ayeuna hirup di tatar sunda yén kahirupan baheula téh bener-bener pikasediheun jeung pinuh ku derita, teu siga jaman ayeuna. Jeung eta kajadian the mangrupa kajadian anu bisa waé nini-aki urang ngalaman kaayaan éta.
          Tapi dina aya kaleuwihanana, aya ogé kakurangannana, nyaeta carita ieu teu nyebutken saha ari ngaran nu jadi budak lalaki anu jadi tokoh utama dina ieu carita, jeung teu dicaritakeun naon sababna 2 lanceukna heunteu sare di imahna.

0 komentar:

Poskan Komentar

Entri Populer