Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Buron [ Bayu Adji Purwoko ]

Judul           : Buron
Pangarang       : Aam Amilia
Penerbit           : Pustaka Amaldi
Palaku             : Umi Sumirah, Andika, Asmara, Ceu Cici
Jumlah Kaca   : 159


       Aya hiji awèwè ngaranna Umi. Umi tèh boga salaki ngaranna Andika. Andika resep pisan nulis. Tulisanna mindeng dikirimkeun ka majalah atawa koran. Andika digawè di hiji toko buku anu sihorèng teh gudang obat terlarang. Barang nyaho èta toko tèh gudang obat terlarang, Andika eureun digawè. Andika ditèangan ku jelema nu boga toko buku. Bakat ku sieun, Andika ngajak Umi kabur ka Imah Mang Sumarna.


      Di imah Mang Sumarna, Andika nyieun loba karangan. Karangan èta di kirimkeun ku Umi makè ngaran Umi sabab Andika teu wani makè ngaran manèhna. Karangan èta di kirimkeun ka kantor majalah jeung koran di Kota B.
Ti saprak èta Umi jadi terkenal sabab èta karangan tèh loba nu resep. Umi sok diudag ku wartawan. Tapi Umi jadi sieun ku wartawan sabab loba ditanya masalah nu teu bisa dijawab ku Umi. Ditambah ku datangna kabar yen di kampungna Umi aya gunung bitu.


      Umi nèangan Andika ka mamana. Tapi teu kapanggih. Umi papisah lila jeung Andika. Ti dinya, Umi cicing di hiji imah. Nu boga imah geus lila indit sabab nèang kulawargana nu katimpa musibah gunung bitu. Warga di sakitar imah èta nyangka Umi tèh nugèlo sabab ningali kaayaan Umi nu balangsak.
Ahirna Umi panggih jeung Asmara. Asmara tèh nyaèta babaturan Umi di Kantor Majalah Wanoja. Asmara mawa surat ti Andika. Teu lila Umi langsung mènta dianteurkeun ka tempat Andika sabab geus sono pisan.


Kaleuwihan novel ieu:
Novel ieu nyaritakeun kajadian anu henteu dawam lumangsung dina keidupan jelema jelema,novel ieu ngabogaan runtunan carita anu metot sarta rasa geremet pikeun pamacana,selain éta novel ieu ogé ngabogaan peunteun sastra anu luhur


Kelemahan novel ieu:
Basa anu dipaké dina novel ieu hésé di cerna loba kosa kecap anu umumna hésé dicerna,novel ieu menunjukan dangong henteu percaya diri ka potensi anu urang boga




0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer