Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Sunda Pangantén [ Fajar Hakiki - 012 ]

Judul : Pangantén
Panulis : Dédén Abdul Aziz
Panerbit : PT. Kiblat Buku Utama
Cétakan : II, 2010
Kandel Buku : 99 kaca




Dina awal carita, ngacaritakeun saurang rumaja istri anu kahirupanana kawas lalaki, namina Rinrin Sumartini. Manéhna cicing jeung ibuna nyaéta Sumartini, manéhna ngabogaan hiji kabogoh nu ngaranna Gumilang. Rinrin, ngabogaan paripolah tomboy (kawas lalaki) ku lantaran manéhna ngarasa ngéwa ka lalaki,jeung manéhna ningali lalaki téh kahirupanna ngeunah jeung umumna lalaki mah tara loba unak-unik kawas awéwé . Manéhna tuluy nurutan kalakuan lalaki nu di sakitar kahirupannana nyaéta nurutan ngaroko,nginum arak, teu kawas awéwé lianna.

Di hiji poé, Rinrin téh meunang kabar kabogohna maot sanggeus nyebutkeun hayang kawin teuing ka saha. Leungiteun Iyang alias Gumilang,terus layeut jeung Bén nyaéta baturna Iyang kénéh tapi teu lana. Terus dalit jeung Suminar anu pada-pada reseup ngalangeu bari nyingkur,sok ngaroko, nguyup arak, jeung ulin babarengan. Layeut pisan, dalah terus jadi lésbian. Teu lila ti éta, Suminar alias Lisa Kudrow gé maot deuih sanggeus nyebutkeun hayang kawin. Maotna téh ku lantaran aborsi, da manéhna téh keur kakandungan teuing ku saha. Dina pamustungannana Rinrin gé hayang kawin teuing ka saha jeung teu jelas sabab kusababna manéhna hayang kawin. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan manéh tepi ka hanteuna,manéhna ngarasa geus laksana papanganténan.

Tapi ahir caritana anu teu jéntré Rinrin hayang kawin téh can ka jéntrékeun sabab na kumaha. Emih (sebutan Rinrin ka Ibuna) gé masih can satuju Rinrin kawin kulantaran manéhna hayang kawin tapi can aya calonna.

Novel ieu teh ngagunakeun basa anu kurang merenah kanggo budak , kasar , jeung lain picontoeun. tapi ieu novel alus kulantaran tujuan keur pamaca teh ameh hirup teh ulah kawas Ririn jeung Ieu novél teh ngabéjakeun ti panulis ka pamaca sangkan dina kahirupan téh pasti nu harirup di dunya bakal maot jeung anu ngaranna maot mah geus di atur ku nu Maha Kuasa . Jeung dina nyanghareupan jalmi nu rakeut di kahirupan urang sadaya nu atos maot, kedah di iklaskeun,ulah jadi beban keur hirup urang di dunya.

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer