Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Galuring Gending [ Arsy Prawita ]

Judul                    : Galuring Gending
Pangarang            : Tatang Sumarsono
Diterbitkeun ku    : CV PUTRA SETIA
Citakan                : 2011
Jumlah Kaca        : 388 kaca
Kaasup                 : Novel

          Sarah, salah sahiji pangibing anu geus kasohor tina acara manggungna. Pertama kali sarah bisa ngibing, nyaeta diajarkeun ku ninina nu ti indung, nu biasa ku Sarah disebut Empah. Empah teh ahli paguyuban. Sarah diwawuhkeun ka Um Sarino atawa nu sok disebut Um Sar ku Empah di umur Sarah welasan taun.
          Sabenerna Sarah geus boga ka bogoh nu ngaranna Panji. Panji teh salah sahiji mahasiswa anu ayeuna kungsi di penjara lantaran pamohalan gara gara demo. Basa Panji keur di penjara, Panji ngalamar Sarah. Tapi, Sarah masih ragu komo deui jeung kaayaan Panji keur kitu.
          Poe ka poe sarah beuki bingung sabab manehna rẻk indit ka Jepang. Tapi kaayaan Panji jeung kaayaan Kulawargana beda. Kulawargana butuheun duit sedengkeun Panji butuheun manehna. Ahirna Sarah indit ka Jepang sabab milih nu leuwih penting.
          Basa Sarah keur di Jepang loba pisan cocoba anu datang ka kulawarga jeung Panji, komo deui ka Sarahna sorangan.
Kulawargana turunan dalem, eta nu leuwih ngabeuratan Sarah dina kahirupan sapopoe. Komo deui basa indungna ngantunkeun keur Sarah di Jepang, salain eta nu ngabeuratan Sarah aya deui sangkan manehna ka paksa ngalayanan Um Sar. Um Sar nu geus dianggap bapa angkat Sarah, teu nyangka bisa ngalakukeun eta ka manehna. Ngarebut kaparawanan Sarah nu salila ieu dijaga.
Sarah balik deui ka Indonesia jeung kaayaan kudu opname saminggu di rumah sakit. Panji nu geus kaluar di penjara tuluy nungguan Sarah. Basa Sarah hudang ti geuring, Panji geus euweuh teuing ka mana.
Ahir caritana ngagantung, padahal awalna geus alus jeung rame, oge bisa ngahirupkeun caritana. Novel ieu nyaritakeun perjuangan Sarah, salah sahiji pangibing jeung rupa- rupa masalah nu aya dina ka hirupan sapopoe. Leuwih karasa deui peurih perjuangan Sarah basa keur aya di Jepang. Tapi, di novel ieu nu paling alus jeung bisa di conto nyaeta perjuangan Sarah keur Panji oge kulawarga pikeun ngahirup-huripkeun kaayaannana. Harapan ka pangarang, mudah- mudahan leuwih bisa ngahirupkeun caritana nepi ka ahir oge bisa leuwih ngagunakeun bahasa anu gampang di hartikeun.

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer