Kamis, 23 Februari 2012

Resensi Novel Sudagar Batik [ Feriana ]

Judul Buku               : Sudagar Batik
Pangarang               : Ahmad Bakri
Pamedal                  : Perwakilan PT Kiblat Buku Utama
Taun Medal              : 2004
Kandel Buku              : 81 lembar
Harga Buku               : -
Kaunggulan Buku       : - Basa anu dipake nyaeta basa baku, objektif sarta pamaca téh kaharti.
                                  - ngandung unsur pamohalan.
                                  - Ditulis ku basa nu lancer, sakapeung diselapan humor
                                  - ngagambarkeun pasulan hirup dina suasana pilemburan.
Kalemahan Buku       :  - Teu aya gambar atawa ilustrasi pikeun nu maca bosen.
                                 - Masih aya panulisan anu salah
Sinopsis     :
            Si Kasja ngejat. Mimitina mah dicarekan ku bapana lantaran teu nembalan bapana nu dititah mawa tas bapana, tuluy ngalawan bapana. Bapa Si Kasja ambek tapi bet kalepasan, nepi ka diteunggeulna pisan.
            Akhirna Si Kasja the minggat, Bapa Si Kasja teu burung kaduhung, terus bae diteangan. Ka ditu ka dieu, tapi Si Kasja teu tembong-tembong. Bapa Si Kasja neangan nepi ka kahujanan. Tapi sanggeus sababaraha poe nepi ka geus aya mingguna, bapa Si Kasja pada ngarubung-rubung, beurang peuting teu kendat pada ngaremitan. Geus teu asup dahareunrrajeunan dipaksa bubur sasundak-sasendok reremenna mah kautahkeun deui. Tungtungna Bapa Si Kasja gering, nepi ka maotna.
            Sangggeus ditinggalkeun ku salakina, Sanukri anu ngabereskeun sagala kaperluan ti mimiti thlil, tiluna, tujuhna, nepi ka matang puluh. Indung Si Inen mah kari ngajalankeun, aya kakurang asal daek menta, tara harese, ta-sok the saenyana. Tatangga-tatanggana nya kitu deui pada maruji kana kahadean Sanukri teh, nepi ka jadi sabiwir hiji.
Sereresna hajat matangpuluh, sorena Sanukri nyaritakeun utangna Bapa Si Kasja, Sanukri menta digantianku sawah nu di Cimandala.  Indung Si Inen ngarenjag ngadenge pamenta Sanukri, tapi ku sabab utangna gede pisan akhirna sawahna ka Sanukri. Bi Arwiah hirup kadua anakna, Si Inen, pagaweanana ukur buburuh neangan sahuap-saopeun.
            Sababaraha poe, saacan lebaran, Si inen menta dipangmeulikeun baju jeung calana ka indungna. Indungna karunya ka anakna, ti lebaran-lebaran kamari tara dipangmeulikeun baju,akhirna Indung Si Inen ngajual embe ka Sanukri keur anakna bade sunatan. Tapi Sanukri teh teu mayar-mayar ka indung Si Inen, padahal duitna teh keur meulikeun baju Si Inen. Indung Si Inen leos wae balik bari nyusutan cimata, bari ngingetan genep taun kamari, basa bapana jeung Si Kasja. Datang ka imah lebah lawang paasrog jeung Ua Unah. Sanggeus dicaritakeun ti mimitina, Ua Unah ambek ku kalakuan Sanukri anu adatna goreng.
Tanggal wewlasan bulan Sapar ka lembur aya semah, jelema pinanggih. Dedeganana jangkung begang, pasemon bangun someah pikacongggaheun. Umurna kira-kira lima puluhan. Ngaranna Abdul Rajak, asal baheula ti Pameungpeuk, ngumbara di Pakalongan geus aya likurna taun, jeung karamat. Loba-loba dongengna teh, papanggihan di geusan pangjarahan. Sanukri menta kumaha rek bisa jadi sudagar batik ka abah, ceuk abah kudu aya saratna, saratna nyaeta kahiji ulah ngalalaworakeun kana ibadah, kadua kudu aya modal memeh dibalanjakeun ka Cirebon, teras kedah mahanan pare saranggeuy piwudukeun, pieusieun panjang jimat tea. Sanggeus kitu, Sanukri ngajual sawah, kebon, munding nepi ka sagala hartana keur modal ka abah. Tapi geus lila, Sanukri jeung bojona ngarep-ngarep Abah Abdul Rajak sumping. Nyi Ioh, pamajikanna Sanukri teu sabar haying geura-geura dadasar, ngeber-ngeber dagangan batik.
Sanukri beak harepan, pamajikanna ceurik bae,awakana geus arorot pisan balas kurang dahar kurang sare gawena ngutruk wae yarekan Abdul Rajak si tukang tipu. Indung Si inen datang nagih duit tea, tapi Sanukri keur pusing, duit kabeh dipasrahkeun, lat wae hutang mah kapopohokeun. Paribasa can aya can ayateu ka jelema saliwat, lading sawah lading kebon dibahankeun, mun merlukeun babayar heula, bisi kabawa paeh! Asa ditipu, jel ka dinyah, hajat murus! Ceuk indung Si Inen bari ngajengkat balik.
Pananggalan puasa, balik ngarit Si Inen nyampak semah di imahna, keur diuk wae di tepas. Jajaka anyar pinanggih papakeanana ginding. Olohok wae nenjo semah rek nanya era, Si Kasja nyampeuran Si Inen jeung indungna. Indungna ngarangkul bari ceungceurikan. Tatangga rabul, kaget ngadenge nu midangdam. Geus puguh nu sosonoan mah leungit waeh kahariwang teh. Si Kasja nanyakeun bapana, tapi bapana geus maot tuluy Si Kasja goak deui. Tina koper Si Kasja ngaluarkeun papakean, sok ka indungna sing sarwa tilu. Si Inen mah teu dikirim papakean jadi,kaputeunana wae, da teu kacipta degdeganana cenah, bisi teu meujeuhna. Nuturkeun urang Panumbangan cenah, nu sok dagang mulang ka Palembang. Meunang opat taun ngagandek. Sanggeus apal kana jalan dagang, tuluy diajar macakal. Modalna  muka cengcelengan, da buruhan tara dicoceng, kurang sautak-saeutik ditambahan ku dunungan. Remen pulang anting tea nah ka Batawi ka Bandung nyiar dagangan, tapi rek balik the engke  deui, engke deui, haying beubeunangan heula. Sarerea saregep pisan ngabandungan nu nyaritakeun lalakon ngumbara, bisa balik mawa kabungahan.
Maleman Lebaran dapur indung Si Inen haneuteun. Si Inen jeung lanceukna maridang, dirubung-rubung ku babaturanana bari nyareungeutan pepetasan di buruan. Peuting harita Sanukri hujan cimata, beda pisan jeung lebaran taun tukang, hatena poek mongkleng nyeri peurih teu angges-anggeus, dipacikeuh ku jelema saliwat. 

0 komentar:

Posting Komentar

Entri Populer