Kamis, 01 Maret 2012

Resensi Novel Sunda "Si Kabayan Jadi Dukun" [Liska Sampagita]

§ Judul Buku : Si Kabayan Jadi Dukun

§ Pangarang : Moh.Ambri

§ Penerbit : PT Kiblat Buku Utama

§ Taun medal katut citakanana :

ü Citakan ka-5, Muharram 1430 H./Januari 2009

§ Kandel Buku : 72 kaca

§ Harga Buku : Rp.25.000

§ Rangkuman :

Jadi dukun sotenan kapaksa Si Kabayan mah. Saikem, pamajikanana, nu sasat jadi cukang lantaranna mah. Manehna hayang males kanyeri ka salaki pedah kungsi ditampiling. Basa kadatangan semah nu neangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yen Si Kabayan teh dukun anu kamatihanana moal aya bangsana. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal, Si Kabayan tara daek ngaku jadi dukun kajaba mun ditampilingan heula.

Nya sanggeusna disiksa ku deungeun-deungeun bari jeung teu nyaho naon kasalahanana, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak sudagar, anu katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ku bapana. Ari saenyana mah Nyi Hasanah teh pipireuan. Manehna teu suka dikawinkeun ka Haji Latip, da puguh geus pakait piker jeung Agus. Agus nyamur jadi pangiring Embah Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung bebenena. Teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus. Atuh puguh guyur.

Kabayan akhirna kayahoan lain dukun asli. Isukna burudul pulisi, kapala-kapala desa jeung menak ti dayeuh rek nangkep si Kabayan. Akhirna Si Kabayan dibawa ka dayeuh teus diabuskeun ka bui. Pamajikanana datang ka dayeuh nembo Si Kabayan bari ceurik rumasa salah. Kabayan dibebaskeun ti bui, Kabayan jeung Agus indit ka imah Sudagar. Menta si Agus diijinan kawin jeung Nyi Hasanah. Ki Haji bapana Nyi Hasanah teu satuju. Tapi, Nyi Hasanah menta restu ti bapana dikawinkeun jeung Agus. Kusabab Nyi Hasanah ngan cinta ka Agus saurang. Akhirna Ki Haji mere restu ka budakna. Agus jeung Nyi Hasanah akhirna kawin jeung hirup bagja.

§ Kalemahan Buku : Bahasa nu digunakeun lobana bahasa kasar. Bahasa anu teu patut diconto

§ Kalebihan Buku : Ngagunakeun bahasa sapopoe anu gampang dibaca, kabeh kalangan bisa maca,aya unsur pikaseurieunana

3 komentar:

Unknown mengatakan...

euh ini teh sinopsis bukan ??

Fitriani Aulia Fauziah mengatakan...

Iya

Fitriani Aulia Fauziah mengatakan...

Iya

Posting Komentar

Entri Populer