Kamis, 01 Maret 2012

Resensi Novel Sunda "Panganten" [Dewi Julianti Suhada]

Jejer buku : Panganten

Panulis : Deden Abdul Aziz

Pamedal : PT Kiblat Buku Utama

Citakan : Citakan ka-2, Jumadil Akhir 1431 H./Juni 2010

Kandel buku : 99 kaca

Novel Panganten hasil karancage literer Deden Abdul Aziz nyaritakeun kahirupan kaom rumaja nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Rinrin minangka, tokoh utamana dina ieu novel boga kabogoh anu ngaranna Iyang alias Gumilang. Iyang teh maot gara-gara OD di Cipanas. Leungiteun ku Iyang, rinrin layeut jeung Ben babaturan sakamarna Iyang. Terus dalit jeung Suminar alias Lisa Kudrow. Di Partenon teh Rinrin jeung Suminar sok ngaroko jeung nguyup arak. Saking layeutna Rinrin jeung Suminar teh sok diajak maok ka unggal Mall jeung sok sare bareng di Partenon. Tapi Suminar teh maot, maotna teh ku lantaran aborsi, da keur kakandungan teuing ku saha. Dina pamustungannana Rinrin gé hayang kawin teuing ka saha jeung teu jelas sabab kusababna manéhna hayang kawin. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan manéh tepi ka hanteuna,manéhna ngarasa geus laksana papanganténan.

Novel Panganten teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Tapi dina novel panganten ieu ngandung kata-kata kasar jeung jorok, nu teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah.

Sanggeus maca novel ieu, para rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.

Resensi Novel Sunda "Nu Kaul Lagu Kaleon" [Siti Sakinah]

Judul : Nu Kaul Lagu Kaleon

Pengarang : .R .A.F.

Penerbit : Kiblat

Jumlah Kaca : 100

Kaping Terbit : Pebruari

“Ke…ke… naon bentenna ari kawih nu disebut lagu panambih sareng nu sok dipirig ku gamelan?” cek Yati bangun panasaran.

“Taya bentenna meueus-meueus acan,” walon Kang Atma, “Eta-eta keneh hakekatna mah. Bentenna ngan ukur lebah lagam ngahaleuangkeun. Ku margi lagamna lagam mamaos, tur dipirigna ku kacapi indung sareng rincik sareng suling ; sareng ku margi geus matuh sok dikantetkeun jeung kawih lagu panambih. Padahal upami eta lagu panambih dihaleuangkeun dina pirigan gamelan, kontan harita keneh moal disebat lagu panambih, tapi lagu kawih! Moal disebat nembangkeun deuih, tapi tangtuna oge ngawihkeun. Sabalikna, upami lagu kawih nu biasa dipirig ku gamelan, dialihkeun kana pirigan kacapi sareng suling, dihaleuangkeun nganggo lagam mamaos, harita keneh baris disebat lagu panambih sarta disadapurankeun jeung mamaos.”

Nu ngadengekeun teh arunggut-unggutan bangun ngarti.

Buku Nu Kaul Lagu Kaleon nyaritakeun tentang hiji mojang jeung bujang nu ngajarna. Di ahir carita, kacaritakeun hubungan silih pikacinta eta dua nonoman teh.

Novel ieu cocok diaos ku rumaja, sabab tiasa nambih wawasan tentang pertembangan. Alusna, novel ieu ngangkat budaya-budaya anu aya di tatar sunda. Kasenianana, jeung budaya masarakat anu jadi cirri khas sunda.

Resensi Novel Sunda "Si Kabayan Jadi Dukun" [Liska Sampagita]

§ Judul Buku : Si Kabayan Jadi Dukun

§ Pangarang : Moh.Ambri

§ Penerbit : PT Kiblat Buku Utama

§ Taun medal katut citakanana :

ü Citakan ka-5, Muharram 1430 H./Januari 2009

§ Kandel Buku : 72 kaca

§ Harga Buku : Rp.25.000

§ Rangkuman :

Jadi dukun sotenan kapaksa Si Kabayan mah. Saikem, pamajikanana, nu sasat jadi cukang lantaranna mah. Manehna hayang males kanyeri ka salaki pedah kungsi ditampiling. Basa kadatangan semah nu neangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yen Si Kabayan teh dukun anu kamatihanana moal aya bangsana. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal, Si Kabayan tara daek ngaku jadi dukun kajaba mun ditampilingan heula.

Nya sanggeusna disiksa ku deungeun-deungeun bari jeung teu nyaho naon kasalahanana, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak sudagar, anu katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ku bapana. Ari saenyana mah Nyi Hasanah teh pipireuan. Manehna teu suka dikawinkeun ka Haji Latip, da puguh geus pakait piker jeung Agus. Agus nyamur jadi pangiring Embah Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung bebenena. Teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus. Atuh puguh guyur.

Kabayan akhirna kayahoan lain dukun asli. Isukna burudul pulisi, kapala-kapala desa jeung menak ti dayeuh rek nangkep si Kabayan. Akhirna Si Kabayan dibawa ka dayeuh teus diabuskeun ka bui. Pamajikanana datang ka dayeuh nembo Si Kabayan bari ceurik rumasa salah. Kabayan dibebaskeun ti bui, Kabayan jeung Agus indit ka imah Sudagar. Menta si Agus diijinan kawin jeung Nyi Hasanah. Ki Haji bapana Nyi Hasanah teu satuju. Tapi, Nyi Hasanah menta restu ti bapana dikawinkeun jeung Agus. Kusabab Nyi Hasanah ngan cinta ka Agus saurang. Akhirna Ki Haji mere restu ka budakna. Agus jeung Nyi Hasanah akhirna kawin jeung hirup bagja.

§ Kalemahan Buku : Bahasa nu digunakeun lobana bahasa kasar. Bahasa anu teu patut diconto

§ Kalebihan Buku : Ngagunakeun bahasa sapopoe anu gampang dibaca, kabeh kalangan bisa maca,aya unsur pikaseurieunana

Resensi Novel Sunda "Payung Butut" [Rani Ismayani]

Resensi novel Payung Butut

Jejer buku : Payung butut

Panulis : Ahmad Bakri

Pamedal : Tjupumanik, 1968

Citakan : Rahmat Cijulang

Kandel buku : 100 kaca

Kadatangan Naib anyar geus jadi bahan omongan batur sa Desa. Naib nu di pandang darajatna kusabab katurunan ningrat, tapi sifatna teu sombong sareng teu mandang darajat.Tapi naib anyar ieu beda, Naib ieu sombong kusabab katurunan ningrat jeung sok mandang darajat.

Naib anyar ngagaduhan istri sareng anak nu bageur, sifat sombong Naib teu diturunkeun ka anak sareng istrina. Naib anyar ieu gaduh putri nunamina Siti Habibah nu sok dipanggil Ebah, 17 taun. Di hiji poe siti habibah papendak sareng Suganda, salasahiji anak kuwu atawa kapala desa. Siti habibah sareng Suganda duanana tos ngagaduhan hate. Duanana ngagaduhan niat keur kawin, Suganda nyobaan dek ngalamar. Basa bapana Suganda ngalamar hanjakal ditolak ku pa Naib kusabab Suganda lain katurunan ningrat jeung teu pantes kawin jeung katurunan ningrat.

Di hiji poe Desa eta kadatangan saorang juru nulis kawedanaan, namina R. Wiraatmaja. Sanggeus babaraha poe di desa, Wiraatmaja papendak Siti Habibah. Wiraatmaja bogoh ka Siti habibah tuluy Wiraatmaja ngalamar Siti habibah. Dibarengan ku hate bungah pa Naib narima lamaran Wiraatmaja sabab Pa Naib tos ninggal tinamina nu aya R na, marukankeun raden nu katurunan ningrat. Tapi pas dicaritakeun asal usul Wiraatmaja apekteh Wiraatmaja sanes katurunan ningrat tuluy di tolak lamaran eta.

Neng ebah geuring teu katulungan. Cenah geuring usus buntu, geus dioperasi tapi kurang darah. Pa Naib miwarang ka barudak pasantren titah ngadonorkeun getih kanggo neng Ebah. Tapi barudak aya nu satuju aya nu henteu, nu satuju ngan Suganda sareng nu lainna nu satuju. Ngadonorkeun getih kanggo neng ebah janten, Suganda sareng nu lain di ngadonorkeun getihna kanggo neng Ebah. Neng ebah sehat deui tuluy, Suganda jadi deukeut deui sareng neng ebah sakaligus kulawargina. Eta kasempatan moal disia-siakeun ku Suganda kusabab aya peluang keur Suganda kawin sareng neng ebah. Lila kalilaan Pa Naib sadar tuluy nyatujuan lamaran suganda. Akhirna Neng ebah sareng Suganda kawin tuluy bahagia salamina.

Resensi Novel Sunda "Maju Jurang Mundur Jungkrang" [Iqbal Kurniawan]

Judul : Maju Jurang Mundur Jungkrang

Pangarang : Ki Umbara

Taun Terbit : 1986

Kandel Buku : 88 kaca

Citakan Ka : 1

Novel maju jurang mundur jungkrang nyaritakeun hiji tokoh anu ngarana Sulanjana anu profesina guru sakola anu pinter ngibing, kasep jeung pikaresepeun jalma disakurilingna boh anu deukeut atawa anu rada jauh. Guru Jana teh anak tihiji awewe katurunan juragan anu katelah kabeungharanana, baheulana indungna kawin kahiji lalaki nu can diwawuhanana, da geus bogoh tea langsung bae indung Sulanjana teh kawin kalalaki eta, anu can katelah watek jeung kalakuanana tea. Sanggeus kawin indung Sulanjana teh manggihan kumaha watek anu saenyana ti salakina, salakina sok maen jeung palacuran. Anu leuwih parahna sanggeus rada lila ti eta, salakina kapanggih maehan akina Sulanjana. Sanggeus kitu breg bae indung Sulanjana gering ripuh, harita teh manehna geus lila diserahkeun ku salakina kusabab geus teu boga deui harta banda keur modal salakina maen jeung palacuran. Harita manehna dibaturan ku Sulanjana anu keur mejeuhna imut. Indungna ngomong ka Sulanjana yen lamun dikersakeun indungna maot indungna mere amanat ka Sulanjana yen manehna kudu maehan bapana anu geus maehan akina jeung nganyerihatekeun indungna. Bapa Sulanjana teh nyaeta kuwu Surangga nu korup tur bejad ahlakna. Sanggeus Sulanjana gede tur wanian manehna nyieun acara drama anu tujuanana pikeun ngingetan bapana supaya disadarkeun. Acara etateh nyaritakeun kahirupan Sulanjana baheula keur aya keneh Indungna. Acara eta dihadiran ku menak, pulisi, camat, tur kuwu Surangga jeung rahayat. Keur lumangsung eta drama, anu kabeneran sulanjana jadi pamaenna, sulanjana geus teu kuat nahan nafsu anu nyuruwuk tina dirina, tuluy Sulanjana turun tina panggung mawa bedog bari neangan Surangga. Karek ge deuk kapanggih, Surangga teh geus dipaehan ku jalma anu lian anu boga dendem ka Surangga. Tidinya sulanjana ngarasa salah sabab manehna geus boga niat maehan bapa sorangan. Tapi diwaktu eta teh Sujanjana rada kahibur, kusabab dibaturan ku Nok Saniah anu katelah geulisna anakna kiai bapa terena Sulanjana, Nok Saniah maatahan ka Sulanjana yen manehna teh kudu tobat ka Allah, jeung didinya teh Nok saniah ngebrehkeun ka Sulanjana yen manehna teh daek ngajadikeun sulanjana panutanana.

Entri Populer