Jumat, 24 Februari 2012

resensi novel sunda "Panganten" (Elsa Rifana)

Jejer Buku : Panganten

Penulis : Deden Abdul Aziz

Padamel : Kiblat

Jumlah kaca : 107 kaca

Tanggal Terbit : Agustus 2003

Novel anu di jieun ku Deden Abdul Aziz magrupakeun novel rumaja. Basa nu di anggo dina novel ieu ngagunakeun basa nu kirang sae, soalna kirang di pikangarti jeung loba basa nu kasarna, tapi lamun terus di baca lalaunan ge bakal ngarti. Sanajan basana kirang sae, tapi eusi sareng maksudna mah sae, nyaritakeun karirupan rumaja dimana kahirupan rumaja nu bebas nu bisa jadi enteung kanggo rumaja kiwari, nu teu kedah di turutan ku rumaja kiwari.

Novel ieu nyaritakeun krisis jiwa anu karandapan ku kaum rumaja. Di caritakeun Rinrin, nyaeta tokoh utama jeung kabogohna nu ngarana Gumilang nu sok di sebat Iyang, ngan Gumilang maot saengges nyebutkeun hayang kawin. Hari hari Rinrin jadi sepi saengges si Iyang maot, jeung ngarasa leungiteun. Terus lanjut jeung si Ben, nyaeta babaturan kontrakanna Iyang, tapi teu lana. Terus dalit jeung suminar anu pada- pada resep ka partenon ngan ukur ngalamun jeung ngaroko. Tapi Suminar alias Lisa Kudrow oge maot saenggeus nyebutkeun hayang kawin. Tapi maotna teh ku lantaran Suminar hamil, terus ngagugurkeun kandunganna da teu aya bapana eta budak teh. Akhirna Rinrin ge da hayang kawin nggan teu apal jeung saha. Ngan kahayangna kawin teu bisa kalaksanakeun.

Jadi novel ieu mangrupi novel nu sae di baca kanggo pelajaran nu teu kedah di tiru, ngga saukur gambaran kahirupan bebas rumaja ayeuna. Maksud dina novel ieu teh ngagaduhan maksad anu sae.

resensi novel sunda "Silamsijan Kaedanan" (Firda Pratisa I)

SI LAMSIJAN KAEDANAN KI UMBARA

SI Lamsijan Kaedanan mangrupa judul buku novel karya Sandiamana H Wiredja Ranusulakna (Ki Umbara ). Ieu novel teh diterbitkeun ku PT Kiblat Buku Utama, dina taun 2003. Kandelna aya 86 kaca. Ukuran bukuna 12 x 17 cm.

Dina novel ieu Ki Umbara ngagunakeun basa sunda loma. Carita ieu teh kaasup carita Komedi salian ti eta oge mibanda ajen da’wah. Kaunikan tina novel ieu nyaeta Ki Umbara nyantumkeun pupuh dina unggal bab na kayaning Pangkur, Sinom, Asmarandana, Mijil, Durma, jeung Balakbak.

Dicaritakeun yen Si Lamsijan anu pengangguran bogoh ka Si Amoy nepika Kaedanan. Manehna hayang ngawin Si Amoy ngan indungna si Lamsijan teu merean doa lantaran si Lamsijan teu miboga pagawean. Saking bogohna ka Si Amoy, Si Lamsijan indit ka dukun pikeun menta pelet jang Si Amoy, manehna ngaku ngaku yen basa bapana maot bapana teh ngomong si dukun teh dulurna keneh, padahal etamah ngan trik si Lamsijan ngarah manehna meunang pelet gratis. Basa eta pelet diawurkeun di lawang panto imah si Amoy , nu beunang teh lainna si Amoy tapi si Cipleu. Sanajan ti eta Si Lamsijan langsung inisiatip rek nyieun si Cipleu jadi geuleuh ka manehna, lantaran manehna oge geuleuh ka si Ciple. Ari pekteh, basa diawurkeun deui penawar peletna kalahkah beunang ka si Amoy, atuh Si Amoy jadi geuleuh ka si Lamsijan sedengkeun si Cipleu ngudag ngudag manehna.

Ngarasa cara eta salah Si Lamsijan indit ka imah kiai. Tidinya manehna jadi daek sholat. Mama Yai pernah ngomong yen si Amoy teh bakalan diuk dina lahunan si lamsijan. Teu lila tidinya , para pamuda kampung eta teh ngaduruk imah si Amoy lantaran si Amoy teh turunan china anu jadi mata-mata walanda pikeun ngajajah RI. Si Lamsijan nyelametkeun si Amoy jeung si Cipleu. Si Amoy ceurik hayang selamet ti para warga anu neangan manehna. Ahirna SI Lamsijan nawaran kawin ka si Amoy. Basa si Lamsijan ngahayal keur kawin jeung si Amoy, si cipleu ngomong yen si Amoy euweuh, Ema nuluykeun ngomong yen si Amoy teh dibawa ku rakyat walanda.

Ahirna Si Lamsijan kawinna jeung si Cipleu lantaran Ema hayang miboga minantu si Cipleu nu geus tangtu nyaah a si Lamsijan. Saprak si Lamsijan jeung si Cipleu kawin maranehna ngamimitian dagang make modal pas pasan. Tapi ayeuna maranehna leuwih beunghar tina toko na Babah A tien bapana si Amoy.

Ki Umbara nyieun ieu novel teh kacida ramena. Novel ieu ngandung atikan moral yen sagala nu ku urang pikahayang can tangtu bisa ngabahageakeun urang kahareupna. Jadi urang tong nurutan kalakuan si Lamsijan anu musrik neang-neang cara jang napsu manehna pribadi ka salian ti Alloh.

Firda Pratisa Istiqomah

XI IPA 6

resensi novel sunda "Babalik Pikir" (Mita Maylani)

Résénsi Babalik Pikir

Judul : Babalik Pikir

Pangarang : Samsoedi

Penerbit : Giri Mukti

Tanggal terbit : Medal taun 1931

Jumlah kaca : 72 kaca

Kategori : Novél

Eméd nyaéta budak anu bangkarwarah nepi ka diasupkeun kana bui. Tapi, ahirna mah jadi tobat, tara deui ngalawan ka kolotna.

Ti mimiti dicaritakeun, si Eméd téh budak nu ngedul, sok ngalawan ka kolotna, mawa karep sorangan jeung teu nurut ka omongan kolotna. Contona, dina carita basa indungna nitah nganteurkeun deungeun sangu pikeun bapana tuang, malah ulin langlayangan nu si Junan nepi ka pegatna. Atuh dicarékan ku kolot si Junan. Kitu baé kalakuanna, ngan ulin udar-ider.

Basa harita bapana balik ti sawah, bapana dipacok oray nepi ka maotna. Tapi, carita didieu Samsoedi ngasupkeun kana kasedihan si Eméd, yén si Eméd boga kénéh rasa prihatin. Si Eméd jadi getol barang gawé. Tapi ngan saukur sakeudeung. Nepi ka indungna pusingeun. Si Eméd dititah indit ku indungna teras manéhna teu dihaja nonjok si Jasim nepi ka mastakana ninggang batu curi seukeut nepi ka baloboran getih, raheutna héjo.

Si Eméd indit ka dayeuh teras disangka jadi bangsat. Diasupkeun wékana bui. Tapi, di ahir carita, caritana sedih tura aya bungahna ogé. Sedihna, sobatna nyaéta si Joko nu sok mangbélakeun basa manéhna di bui, maot. Sabab bus nu ditaekkan basa geus kaluar ti bui asup ka jungkrang. Bungahna, si Eméd bisa balik ka lemburna teras diaku kénéh ku indungna jeung dihampura kasalahanna. Si Eméd geus boga pagawéan nu sarua jeung pangabisana, nyaéta manday. Heunteu deui ngan ulin udar-ider.

Isi novel ieu alus pisan jeung budak anu kalakuanna sarua jeung si Eméd, sabab ahirna bageur teras tobat nu matak judulna babalik pikir. Teras caritana gampang dipikaharti. Tapi basa kekecapanna anu kasar jeung kalakuan nu goréngna lain jeung picontoeun.

resensi novel sunda "Kalajengking" (Putri Gustiani)

Resensi Novel Kalajengking

Jejer buku : Kalajengking

Panulis : Anna Mustikaati

Pamedal : Pusaka Dasentra

Citakan : ka-1. Bandung Oktober 1983

Kandel buku : 176 kaca

Aya sawatara carita, anu bangun ngahaja dijieun ku nu ngarangna pikeun ngaganggayong nu maca, ngajak nuturkeun kapanasaran nepi ka pungkas carita. Ieu novel judulna Kalajengking (Anna Mustikaati), ieu novel kaasup kana carita detektif ceuk abdi mah. Sangkan aya hiji tokoh anu bisa nyieun urang panasaran nepi tungtung carita. Nyaeta Citrasena (Sena) anu dituduh sok ngarampog toko emas di kota Bandung sabab manehna mirip pisan jeung Bonny anu keur buron. Tapi ieu carita moal bakal nyieun urang bosen macana. Kusabab aya sababaraha hiji carita anu pikeun teu kuat hayang seuri ku paripolah Jaka jeung Sumi.

Carita na mah, tokoh Jaka teh nyaeta wartawan anu nyieun warta ngenaan garong nu buron ngaran na Bonny make potretna. Teu kungsi lila warta eta di sebarkan, yen jelema anu dina potret teh ngadatangan Jaka. Yen manehna ambek, sangkan di tuduh sok ngarampog padahal manehna mah henteu rumasa sok ngarampog. Ngadenge eta, Jaka ngajelaskeun yen manehna menangkeun potret eta ti Pak Darmawan saenya na Pak darmawan ge eta teh ti Bohim. Bohim teh kawan si Bonny anu katangkeup. Sangkan Bohim yakin pisan Sena teh Bonny, kusabab mirip jeung Bonny. Tah ti dinya, carita geus mulai jadi misteri.Ku sabab Sena anu ngaku lain Bonny teh boga tattoo anu sarua jeung tattoo na Bonny. Nyaeta tattoo Kalajengking di leungeun katuhu na.

Ti dinya, carita mulai jadi nyieun panasaran. Tah, eta alusna novel ieu teh. Carita na nyieun urang jiga detektif. Urang ngilu mikir, naha Sena salaku lalaki anu sopan boga tattoo nu sarua jeung Bonny anu jadi buron. Anu ngalieurkeun teh nyaeta tokoh Jaka, ku sabab manehna sok ngalierkeun prakiraan urang ngenaan Sena nyaeta Bonny teh. Rame na di carita ieu, basa Jaka sok ngagoda Sumi padahal maneh na geus boga kabogoh. Hal eta sok ngajadikeun carita anu nyieun lieur ieu, boga hal anu pikaseurieun.

Carita na make galur maju-mundur, basa anu di pake basa anu bisa dituturkeun ku urang sadayana. Carita ieu boga amanat khususna, keur jelema-jelema anu ngan mikirkeun duit dibatan kaayaan batur nu sejen. Tong mentingkeun napsu bae, sabab eta bisa nyieun batur dina kasusahan.

Novel ieu cocok keur anu resep maca carita anu kawas detektif, cocok keur rumaja jeung kolot. Sakali maca novel ieu, pasti hayang tuluy maca terus. Kusabab sateuacan kapanggih naha Sena boga tattoo sarua jeung Bonny, moal bisa nyieun urang sare. Sakali maca,kapanasaran nepi ka pungkas carita.

Tanjeur na juritan di buana [alvad]

Jejer Buku : Tanjeur na juritan di buana

Pangarang : Yoseph Iskandar

Pamedal : Pusat studi sunda

Taun medal : Citakan kahiji, 1991

Citakan kadua, Juni 2010

Citakan katilu, Oktober 2010

Citakan kaopat, Oktober 2011

kandel buku : 160

Novel ieu nyaritakeun tentang Prabu Wastu kencana saorang raja sunda nu arif sareng bijaksana nu teu boga rasa dendam ka Gajah Mada nu tos ngabunuh raka na Prabu Maharaja Linggabuana nu tiwas di bubat, carita ti novel ieu di munggaran kana carita kalahiran budak na ti Putri Dewi sarkati nu dingaranan Sang Haliwungan

Sareng carita di novel ieu oge nyaritakeun tentang asup na agama islam di negri sunda,dina novel ieu penulis nulis keun carita na rinci ti kahidupan na Prabu Wastu Kencana atawa nu dikenal ku Prabu Wangisutah

Sareng aya sabagian kata nu seusah di artikeun. Novel ieu oge boga alur caritana nu hese di tebakna tatapi carita dina novel ieu loba pisan amanat nu disampaikeunna. Diakhir carita aya amanat na nyak eta amun jadi pemimpin kudu adil sareng wijaksana

Paturay Tineung [yulistiani]

Judul buku : Paturay Tineung

Pangarang : Muh. Sapari sareng Diah Ansori

Panerbit : Nurani

Taun terbit : 1967

Kandel buku : 60 kaca

Rusmadi sareng emana linggih di Bandung. Ai bapana mah, tos tujuh welas taun lebeng taya kabarna, ti keur Rusmadi umurna opat taun. Cenah mah bapana teh dibui lantaran nandasa Juragan Satya. Kitu oge lanceukna, ngiles tara raratanana, bareng jeung maotna Juragan Satya--dina peuting eta keneh.

Hiji poe, Rusmadi meunang surat ti Rosdinar anu aya di Majalaya. Ngakuna mah, anjeunna teh urut babaturan Achmad, lanceukna Rusmadi. Sabab panasaran, Rusmadi indit ka Majalaya. Di Majalaya, salian ti nepungan Rosdinar tea, Rusmadi papendak sareng Jun-Jun sareng Nining. Kadituna, Jun-Jun sareng Nining boga rarasaan ka Rusmadi. Saha nu dipilih ku Rusmadi? Tiasakah Rusmadi papendak deui sareng lanceuk atawa bapana?

Novel ieu masih ngagunakeun ejaan heubel anu rada hese dipikaharti di jaman ayeuna. Sanajan kitu, kusabab panulis ngagunakeun basa sapopoe, ejaan eta teu jadi panghalang. Galur carita anu pikaresepeun sarta ahir anu teu katebak jadi kaunggulan tina novel ieu.

Lembur Singkuring [nurul]

Judul :Lembur Singkur

Pengarang : Abdullah Mustappa

Penerbit : Giri Mukti

Kandel buku : 60 kaca

Hak cipta : All Right Reserved

Rarancang judul : Deddy Dubandi

Taun medal : - Citakan ka-1 mitra kencana 1979

- Citakan ka-2 kalawan panganter ti Hawe Setiawan sya’ban 1422/Oktober 2001

Nomor : 068/KBU-G/2001

Ringkesan carita:

Lembur singkur, lalakon kapeurih jeung kasedih, jaman pasisian Tatar Sunda ririwehan alatan mahabuna gorombolan. Kulawarga paburantak, nu jadi bapa indit ka gunung ninggalkeun pamajikan. Tokoh kuring, hiji budak lalaki anu ditinggalkeun ka gunung ku bapana, kudu ngalaman nyaksian indung katut dua lanceukna milu kabarérang, waktu lembur singkur dilemahirengkeun ku gorombolan. Sabab, kitu ceuk anggapan tentara, peristiwa dijoragna éta lembur téh aya patalina jeung bapana téa.

Ieu novel mangrupa huiji carita anu pikasediheun jeung pikahawatireun. Nyaritakeun hiji budak anu ngabogaan 2 lanceuk hirup ngan duaan jeung indungna di imahna di hiji desa anu jauh ku raramean kota. lantaran 2 lanceukna mondok di lebak ngamankeun diri tina gorombolan tapi manehna ngan duaan di imahna lantaran indungna nolak di ajak mondok ka lebak. Ieu budak teu nyaho pisan kana saha nu jadi bapana. Lantaran ti leuleutik kulawargana geus di tinggalkeun ku bapana nu jadi gorombolan DI di leuweung. Dina hiji peuting bapana datang ka imahna bari susulumputan, tapi manehna teu nyahoeun yén nu datang téh bapana, jeung ngan saukur semet renyem-renyem ningali anu datang éta.

Hiji waktu manehna jeung indungna indit ka sawah. Indungna mawa bekel loba tuluy kusabab indungna nu di sebut ema téh ninggali aya pamariksaan ku gorombolan manehna reuwas jeung para gorombolan curiga ka si ema. Jeung kusabab para tantara nyaho yén suami ema ngilu jadi gorombolan di sangka yén bapa téh jadi mata-mata. Si ema di pariksa jeung di bawa ka markas para gorombolan. Gorombolan nahan ema neupika peutingna, jeung eta budak ngan bisa nungguan di luar. Teu lila salasahiji lanceukna datang ka markas eta, tuluy mawa balik eta budak. Eta budak téh loba rasa prihatin jeung hawatir ka emana, naha ema lila di markas tantara eta. Isukna ema di pulangkeun ka imah.

Geus lila tina kajadian éta, gorombolan nyerang ka desa éta. Loba tetmbakan wuwuh rame. Loba jelema nu nyumput dina lombang. Kaayaan des acing paburantak teu tenang. Hiji waktu ema di teangan ku OKD (Organisasi Keamanan Desa), ku sabab di curigai yén suami ema sok datang susulumputan ke imahna. Tuluy ema di bawa ka kantor OKD nepi ka mengpirang-pirang poé. Budakna di pihapekeun ka salasahiji anggota OKD. Geus lila aya di kantor OKD ema di kaluarkeun.

Sanggeus kajadian eta, sanggeus desa jadi aman aya kabar yén nurutkeun rencana poé éta rek aya sababaraha pasukan ti leuweyng nyaeta nu jadi bapa nu biluk ka gunung bakan tarurun balik ka lemburna kaasup nu jadi bapa. Ema jeung budak téh bungah pisan jeung si budak geus lila hanyang apal kana nu jadi bapa. Tapi geus lila ema neangan nanya kaditu-kadieu, ngan aya hiji kabar yén nu jadi bapa téh tatu tur parna (maot).

Dina carita eta, boga kaleuwihan nyaeta nyaritakeun carita anu nyayat kana ati jeung ngagambarkeun kaayaan baheula nu karandapan ku masarakat pilemburan di tatar sunda anu tragis jeung pikawatireun. Méré pelajaran jang barudak ngora anu ayeuna hirup di tatar sunda yén kahirupan baheula téh bener-bener pikasediheun jeung pinuh ku derita, teu siga jaman ayeuna. Jeung eta kajadian the mangrupa kajadian anu bisa waé nini-aki urang ngalaman kaayaan éta.

Tapi dina aya kaleuwihanana, aya ogé kakurangannana, nyaeta carita ieu teu nyebutken saha ari ngaran nu jadi budak lalaki anu jadi tokoh utama dina ieu carita, jeung teu dicaritakeun naon sababna 2 lanceukna heunteu sare di imahna.

babalik pikir[astri]

Judul : Babalik Pikir

Pangarang : Samsoedi

Panerbit : Girimukti

Kaping terbit : 1932

Jumlah kaca : 72 halaman

Kategori : Novel

Novel ieu nyaritakeun hiji budak anu kacida baong jeung bengal ka kolot nu ngarana si Emed. Si Emed eta dititah ngalakonan hal leutik wae tara baleg. Ku baong baongna si Emed bapana nepika maon kapacok oray kusabab neangan si Emed peuting-peuting. Si Emed ngarasa salah pisan kulantaran maotna bapana, tapi rasa salahna teh teu lila, si Emed tetep jadi jelema baong jeung bengal ka indungna.

Hiji poe si Emed indit ti imahna kusabab pundung ka indungna kulantaran teu dipangmeulikeun pepeutasan jeung papakean lebaran, padahal indungna teu pangmeulikeun manehna kulantaran salah si Emed sorangan nu kamalingan basa rek meuli pepetasan di pasar baru.

Dina kaburna, si Emed meunang pangalaman anu kacida gedena. Timimiti ngangon meri, disangka maling nepika di bawa ka pangbuian barudak di Samarang. Di pangbuian barudak eta si Emed menang rupa-rupa pangajaran kuli, tapi si Emed pangresepna kana manday beusi, di dinya oge si Emed manggihan sobat anu satia, ngarana si Joko. Hiji poe, si Joko meunang balik ti pangbuian, kusabab manehna geus 18 taun, si Joko ngajakan nu teu baleg ka si Emed sangkan kabur ti pangbuian kucara digulung make samak, si Emed asalna embungeun, tapi lila kalilaan mah daekeun. Dicaritakeun yen si Emed jeung si Joko bisa kaluar ti pangbuian tanpa kanyahoan mawa si Joko dina buntelan samak. Di Jalan rek balik beus anu ditumpakan kacilakaan, dina kacilakaan eta si Joko maot, atuh si Emed teu boga sobat deui jeung hirup sorangan deui. Basa si Emed keur kalaparan si Emed papanggih jeung tukang bajigur nu kacida bageurna, si Emed hirup jeung tukang bajigur eta nepika boga pagawean manday beusi di bengkel. Sanggeus kitu si Emed balik ka lembur anu ditinggalkeuna pikeun papanggih jeung indungna anu geus lila teu papanggih.

Novel ieu alus pisan pikeun dibaca rumaja, kusabab dijerona loba ngandung unsur pendidikan sangkan para rumaja ayeuna ulah boga kalakuan jiga si Emed dinu carita tadi. Si Emed mangrupakeun tokoh nu mere conto yen lamun ngedul, baong jeung Bengal kakolot teh teu alus jeung urang bisa meunang balesana, masih untung di balesna didunia, lamun didunia urang bisa sadar kana kasalahan jeung jadi jelema nu leuwih hade, tapi coba lamun dibales diakherat, ulang moal bisa kukumaha. Kakurangan novel ieu hampir eweh, tapi mun ditilik tina jumlah kacana, carita ieu jiga nu lain ditujukeun pikeun rumaja, padahal carita ieu nyerminkeun rumaja pisan anu labil jeung maksakeun kehayang sorangan.

Kamis, 23 Februari 2012


Nama : Winardi Ginanjar
Kelas : XI IPA ^
Judul : Kanyaah Kolot
Pangarang : Karna Yudibrata
Kandel Buku : 150 kaca
Penerbit : Rahmat Cijulang
Taun Terbit : Cetakan Kahiji tahun 1985


Novel Kanyaah Kolot nyaritakeun hiji tokoh anu ngarana Oman. Jang Oman teh nyaeta palajar anu sakola di kota Bandung anu ngagaduhan watek boros, ngedul, tur bodo.Watek Jang Oman beda pisan ti rai- rai na anu kacida pararinterna. Carita ieu dimimitian ti jang Oman mios ka rorompokna kusabab biaya hirup di kota na geus beak.
Sanggeus teupi ka rorompokna, Jang Oman papanggih jeung IbuRamana Pa Ulis jeung Ma Ulis. Pa Ulis kacida sono ka budakna anu karek datang ti kota. Pa Ulih nanya aya naon datang ka imah. Keur sono-sonona , Pa ulis kacida soak na kusabab Jang Oman nyaritakeun yen barang-barang na geus kacida beakna kusabab di jualan dipake ulin sahari-hari. Ngadenge kitu Ma Ulis kacida ambeuk na ka Jang Oman. Jang Oman ngan bisa tungkul ngadenge papatahan ti kolotna.
Pa Ulis Nnidah sakulawargana sarolat kusaba percuma ngmbeukan oge, da eta mah hasutan setan. Dina eta Sholat teh Pa Ulis ngadoa kanu Maha Kuasa yen anakna dibukakeun hidayah jeung bisa bailk deui kajan nu bener.
Kaisukan poe na Jang Oman rek indit deui ka Bandung, nuluykeun diajarna. Kusaba geus rea bolosna. Subuhna Ma Ulis jeung Tita, rai na Jang Oman, nyieun bungkusan pais, sangu, jeung dengena jang kadaharan Jang Oman sapopoe.
 Kaunggulan Novel : Dina novel ieu ngagunakeun undak unduk basa nu sae. Caritana narik hate anu macana. Nagndung atikan moral yen kanyaah kolot mah moal aya batasna. Novel ieu tiasa dibaca ku sadaya umur, malah khususna mah para rumaja.

Entri Populer